Wanita Surga Bidadari Dunia
Entri yang Diunggulkan
" Salam "
Saya teringat pada sebuah film Turki "Selam", di dalamnya menceritakan di 3 negara dengan kondisi berbeda seperti Afhganistan yang...

Selasa, 21 Juli 2020
Senin, 13 Maret 2017
Makalah Kawih jeung Tembang
BAB I
PENDAHULUAN
1. Latar
Belakang
Dina kesenian sunda aya
babaraha jenis kasenian musik, diantarana nyaeta kawih. Kawih sunda digaduhan
sareng dipikaresep ku masyarakat sunda, kawih sunda kudu jadi pribumi ditanah
kalahiranna. Dimiliki masyarakat sunda dimana wae ayana, anu jadi tameng
panguruh budaya asing anu hente bermanfaat jeung hente sasuai jeung kabudayaan
masyarakat sunda. Nah, kukituna urang salaku
masyarakat sunda kudu ngiring serta ngalestarikeun budaya sunda saperti kawih. Salain kawih, urang
sunda oge pikawenoh kana kakawihan sareng tembang anu sami sami mikaweruh kana
masalah kamusikan.
Tugas urang salaku panyatur pendidikan nyaeta salain mikanyaho, kudu
ngalestarikeun budaya ku cara ngenalkeun jeung ngajarkeun perkawih kawih jeung
tembang ka paserta didik. Hal eta jelas anu ngajadikeun masalah, pasalna henteu
saeutik urang sunda anu henteu wauh kana budayana sorangan. Hente saeutik urang
sunda anu poho kana jalan budayana, malih sapalihan budak ayeuna mah kacida
erana mun mawa budaya sunda dina kahirupan sahari-hari teh. Hal eta negeskeun
tugas urang salaku panyatur pendidik kalintang gedena, kudu ngabenerkeun sareng
ngabimbing kana kakaliruan eta. Supaya budaya sunda bisa hirup di tanah
kalahiranna, supaya lagu lagu sunda hente parem diantara lagu modern lainnya.
Ku kituna, disusunna makalah ieu ngajadikeun salasahiji upaya jang
ngalestarikeun kabudayaan sunda khususna dina masalah kawih jeung tembang.
Dimana dina jangka panjang diharepkeun urang sadaya bisa paham tur nyaah kana
budaya sunda terutami kawih jeung tembang. Saengges paham urang ge bisa
ngawariskeun elmuna ka barudak anu arek diajar, henteu lain tujuanna nyaeta
ngangkat martabat jeung ngalestarikeun kawih jeung tembang di tengah tengah era globalisasi ieu.
2. Rumusan
Masalah
Rumusan masalah anu bade dibahas dina ieu
makalah nyaeta perkawis :
a.
Kawih
b.
Kakawihan
c.
Tembang
3. Tujuan
Panulisan
Anapon sabab ditulisna ieu tulisan nyaeta
bertujuan kangge nyumponan tugas kelompok dina Mata Kuliah Pendidikan Bahasa
Daerah di Universitas Djuanda Bogor sinareng anu hente kalah pentingna yen kangge
para mahasiswa nguningakeun
a.
Naon anu
disebat kawih teh?
b.
Conto conto
dina kawih?
c.
Naon anu
disebat kakawihan teh?
d.
Conto
kakawihan ?
e.
Naon anu
disebat tembang?
f.
Conto
tembang?
BAB II
PAMBAHASAN
1.
Kawih
A. Wangenan
Nalika ngareungeu pangajaran ngeunaan kawih, tangtu ahirna kudu apal jeung
bisa ngabedakeun antara kawih jeung kasenian sejenna. Saperti kakawihan, pupuh,
jeung pupujian.
Kawih nyaeta Rakitan
basa anu di tulis ku para pujangga (seniman) sabangsa dangding anu hente make
patokan pupuh sarta miboga birama anu ajeg ( angger )[1]. Dina Kamus
Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nyaeta rakitan basa sabangsa
dangding nu teu make patokan pupuh. Kawih teh lalaguan Sunda bebas, anu henteu
kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop Sunda
karangan Nano S, Doel Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung
Hendarso, eta teh lagu kawih.
. Kawih teh asal kecapna tina kavy ( kawi ).
Ngawih nyaeta ngalagukeun kawih atawa sisindiran jeng saterusna iwal ti pupuh.
Lirik lagu dina kawih disebut rumpaka. Kawih nu medalna kabaheulaan, rumpaka
kawih na teh sok nyokot tina wangun sajak atawa puisi. Biasana kawih sok
dipirig ku gamelan. Nada anu digunakeun dina kawih nyaetadana pentatonic, anu
patokanana dumasar kana da-mi-ti-la-da.
RMA.
Koesoemadinata (dina Soepandi, 1985 : 14) mere katerangan ngeunaan kawih nyaeta
sekar (tembang = kawih), ieu aya dua rupa :
1. Sekar irama
merdeka, nyaeta tembang nu panjang pondokna sora jeung wirahmana sakarep-karep
numutkeun raosna priyangga, numutkeun kangeunahan nu tembang kayaning : tembang
buhun rancag, tembang buhun raehan, beluk,
kakawen, suluk, tembang Cianjuran, tembang Ciawian, kakawihan dongeng.
2. Sekar tandak, nyaeta tembang anu ajeg
wiletanana, tegesna lolongkrang-lolongkrang antara wirahma-wirahma sarua
sakabehna.
Dina kandaga kabeungharan seni sora sunda aya
kawih anu pirig ku waditra aya oge nu ditambul bae. Prirganana bisa ku klining,
degung, kecapi, calung, angklung, malah tiasa ku alat musik modern oge. Kawih
bagian tina kasenian sunda nu diwangun ku dua unsur, nyaeta unsur seni musik
jeung unsur seni sastra. Unsur seni musik nu nglahirkeun lagu, nada jeung
wirahma nu fungsina pikeun pamirig. Unsur seni sastra mangrupa rumpaka atawa
lirik laguna. Tangtu bae dina pangejaan basa mah leuwih muser kana unsur
sastrana, nyaeta rumpaka kawih kaasup kana puisi. Tujuan kawih nyaeta
diantarana ningkatkeun daya apresiasi seni masyarakat ka kawih sunda kangge
ngangkat jati diri sajajar jeung karya seni lainna.
Rumpaka atawa lirik lagu teu lepas tina
unsur:
1)
Pilihan
kecap (diksi)
2)
Purwakanti
3)
Gaya basa
4)
Tema
5)
Amanat
6)
Eusi
carita
Analisis
kawih dina tambahana sastra sunda, ngawengku unsur-unsur :
1)
Tema
2)
Amanat
3)
Parafrase
rumpaka kawih
B. Sejarah
Kawih
kawih
dina wangun bahasa sunda (KUB 1995) wangenan kawih nyaeta rakitan basa sabangsa
dangding anu teu make patokan pupuh. Kawih teh lalaguan sunda anu teu ka uger
atawa kaikeut ku aturan boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop sunda karangan
Nano S, Doel Sumbang, atawa anu sok dihaleuangkeun ku seniman Hendarso etateh
lagu kawih. Kawih jeung kakwihan ngabogaan sasaruan nyaeta sarua rakitan
sabangsa dangding anu heteu ngagunakeun pupuh sedeungkeun bedana nyaeta tina
fungsina, mun kawih mah saukur didangdingkeun hungkul atawa dilagukeun
sedeungkeun kakawihan mah ngabogaan fungsi tambahan nyaeta dipake dina kaulinan
barudak.
C. Conto
Kawih
MAWAR BODAS
Mapay jalan
satapak
Ngajugjug ka
hiji lembur
Henteu
karasa capena
Sabab aya nu
diteang
Hujan angin
dor dar gelap
Taya tempat
keur ngiuhan
Sanajan awak
rancucut
Teu paduli
kajeun teuing
Reff
Nu penting
mah asal neupi
Ka tempat
anu dituju
Rek
ngalongok mawar bodas
Nu moal lila
ka ala
Sugan tea
moal gagal
Kembang geus
aya nu boga
Balik teh
asa hoream
Leumpang ge
asa ngalayang
Teu kasawang
tianggalna
Teu kapikir
titadina
Lamun bakal
nyeri hate
Hoream teu
sudi teuing
Neangan
pipanyakiteun
Neangan
pipanyakiteun
BUBUY BULAN
(Cipt. Beni Corda)
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panon poe, panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
Unggal poe, unggal poe oge hade
Reff.
Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
TALAK TILU
Penyanyi : Bungsu Bandung
Mana nyeri
nyeri nyeri teuing
Ceurik ati di tambelakan
Ceurik ati di tambelakan
Henteu
benang ku disabaran
Aduh alah
ieungTega teh teuing
Indit sore
tulunyungna subuj
Abdi tunduh
mukakeun tulak
Batin nyeuri
ceurik sorangan
Aduh alah
ieung
Tega teh
teuing
Nyeri-nyeri
moal benang di ubaran
Kajen tutumpuran
paeh ge teu panasaran
Mempeng
ngora keneh
Mempeng
urang can batian
Pek geura
serahkeun
Talak tilu
sakalian
Henteu butuh
lalaki curaling
Boga rasa
asa ieu aing
Henteu robah
teu eling-eling
Aduh alah
ieung tega teh teuing
Panyanyi :
Kustian
Ceuk batur
mah
Kuring teh
budak jalanan
Gawe ukur
ngamen
Dina
kandaraan
Sabenerna
hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup
ragap taya
Kolot teu
apal dirupa
Jeung deui
duka di mana
Mun panas….
Kapanasan…
Mun hujan…
Mun hujan…
Kahujanan…
Mun reup
peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga
petempatan
Pikeun
pangbalikan
Timana…timana.. atuh timana
Diri kuring
timana atuh asalna
Kumaha…kumaha..
atuh kumaha
Diri kuring
na kumaha mimitina
Ya Allah
paparin abdi pituduh
Na dimana
kolot abdi teh ayeuna
2.
Kakawihan
A. Wangenan
Kakawihan
asal kecapna tina kawih, nu hartina rakitan basa sabangsa dangding nu teu make
patokan pupuh. Ngawih nyaeta ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ieu
kabangkitan teh ka asup sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra
sampakan. Tapi nu boga kakawihan teh lain ngan ukur urang Sunda wae, unggal
seler bangsa oge miboga kakawihan sewang-sewangan. Kawih kaasup sastra lisan,
simebarna tatalepa sacara turun-tumurun di lingkungan masarakat. Ku kituna
kakawihan sering disebut sastra balarea. Kakawihan lain ngan saukur dipake bari
ulin, tapi oge sok dipake bari digawe.
Kiwari
kakawihan dihartikeun lagu-lagu nu sok dinyanyikeun ku barudak bari ulin, nepi
ka sakapeung sok disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak[2].
nyebutkeun lagu rahayat, hartina lagu jeung lirikna geus baku, sifatna anonim,
jeung nyebar ti jaman baheula.
B. Kamekaran
Kakawihan
(teks, fungsi, jeung basa) robah luyu jeung kahirupan masarakat. Nurutkeun
kalungguhanna, kakawihan bisa dipasing-pasing jadi dua golongan nyaeta
kakawihan pikeun kaulinan jeung kakawihan pikeun gawe.
C. Ciri-ciri Kakawihan
Kakawihan
mangrupa tina folklore, ku kituna tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku
kakawihan, diantarana :
1) Sumebar
jeung diwariskeun sacara lisan.
2) Sifatna
tradisional, nyebarna angger diantara kelompok anu tangtu.
3) Aya varian
jeung versi, kajadian poho jeung interpolasi sok nimbulkeun bedana teks. Ku
kituna sakapeung teksna sok beda wirahmana sarua, atawa wirahmana sarua teksna
nu beda.
4) Umumna
anonym.
5) Miboga rumus
jeung pola.
6) Polos jeung
lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan[3].
D. Klasifikasi Kakawihan
Kakawihan bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina, basana, waktu
ngawihkeunna, oge uesina. Dumasar fungsina, kakawihan pikeun kaulinan, pikeun
sumanget digawe, pikeun mepende, oge pikeun protes sosial.
1)
Kakawihan pikeun kaulinan
Kakawihan nu
dipake dina ngamimitian kaulinan diantarana : Cing ciripit, Dal del dol, jeung
Hompimpah. Kakawihan sapanjang kaulinan : Aanyaman, Ambil-ambilan, Ayang-ayang
Gung, Babagongan, Cingcangkeling,
Eundeuk-eundeukan, jeung sajabana.
CINGCANGKELING
Cingcangkeling
Manuk
cingkleng cineten
Plos ka
kolong
Bapa Satar
buleneng
Cingcangkeling teh nyaeta kawih paranti milang samemeh
barudak ulin ucing-ucingan. Samemeh prung sok dikawihan heula ku saurang
2)
Kakawihan pikeun numuwuhkeun sumanget digawe diantarana
: Mars Siliwangi, Ngawuluku, jeung Ngagebahan Manuk.
Mars
Siliwangi
Oh beginilah
Nasibnya soldadu
Diosol-osol dan di adu-adu
Tapi biar tidak apa
Asal untuk Negeri kita
Naik dan turun gunung
Hijrah pun tak bingung
II. Paduli teuing
Kuring keur ngabagong
Nu narenjokeun ulah rea omong
Kieu so teh miceun tineung
Lamun prung mah moal ke eung
Pasukan Siliwangi
Sa eutik geu mahiv
Nasibnya soldadu
Diosol-osol dan di adu-adu
Tapi biar tidak apa
Asal untuk Negeri kita
Naik dan turun gunung
Hijrah pun tak bingung
II. Paduli teuing
Kuring keur ngabagong
Nu narenjokeun ulah rea omong
Kieu so teh miceun tineung
Lamun prung mah moal ke eung
Pasukan Siliwangi
Sa eutik geu mahiv
3)
Kakawihan pikeun mepende, diantarana : Nelengnengkung,
ayun ambing, Pat Lapat, jeung sajabana.
Ayun ambing
Ayun ambing- ayun ambing
Diayun-ayun ku samping
Jampéna jampé harupat
Geura géde geura lumpat
Kuruli jampé kuruli
Kuruli jampé pamali
Turunna di gunung puntang
Buru-buru kulem ujan
4)
Kakawihan pikeun protes sosial, mangrupa gambaran
protes kana hiji kaayaan dina mangsa eta kakawihan dijieun, misalna :
Ayang-ayang Gung, Bolu Bugem, Dengkleung Dengdek, Prangpring, Tong tolang
Nangka, Hatiku jang Wawan, jeung Eundeuk-eundeukan Lagoni.
PRANG PRING
Prang pring,
prang pring
Salumprang
salampring
Sabulu-bulu
gading
Si gading ka
Sunda perang
Pur kuntul
engkang-engkang
Munding
ngabongkar kandang
Saluwek
sadugel cindel
Heug, heug
caringin runtuh
Heug, heug
caringin runtuh
Dorokdok
gubrag
Prang pring nyaeta kawih kaulinan dipakena ku barudak
bari dariuk ngajajar, atawa ngariung bari nyanghunyar. Bari ngawih bincurang
ditepakeun. Dina madakeun budak nu ka tepak panungtung kudu mintelkeun sukuna
jadi emok.
Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun basa Sunda jeung aya
anu campur jeung basa sejen. Misalna : Punten Mangga, Pupujian, Sri Jendil
Adil, Slep Dur, jeung Ula Ulo Kembang.
Dumasar waktu, aya nu tadina sok dikawihkeun beurang atawa peuting, oge aya
anu beurang jeung peuting. Contona : Kalonhking jeung Bulan Tok.
Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu monolog.
1)
Kakawihan wangun dialog, diantarana : Ambil-ambilan,
Baju Beureum, Bolu Bugem, Cir Kupek, Gobang Kalima Gobang, Tong Tolang Nangka,
Eundeuk-eundeukan Lagoni, jeung Wek-wek Dor.
CINGCANGKELING
Cingcangkeling
Manuk
cingkleng cineten
Plos ka
kolong
Bapa Satar
buleneng
2)
Kakawihan wangun monolog, diantarana : Aanyaman,
Ayang-ayang Gung, Babagongan, Cingcangkeling, Cing Ciripit, Gobang Gocir, jeung
sajabana.
Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan
masarakat Sunda dina jamanna, mangsa kakawihan diciptakeun[4].
Contona : Jung Jae, Ayang-ayang Gung, jeung sajabana.
CING CIRIPIT
Cing ciripit
tulang
bajing kacapit
kacapit ku
bulu pare
bulu pare
seuseukeutna
jol Pa
Dalang
mawa wayang,
jrek-jrek nong….
E. Papasingan Kakawihan
Nilik kana wangunna, kakawihan barudak teh bisa dipasing-pasing jadi
sababaraha golongan, diantarana:
1)
Wangun
Paparikan
Kakawihan
wangun paparikan nyaeta anu ngawangunna saperti paparikan; aya cangkang aya
eusi. Bedana, unggal padalisanhenteu matok dalapan engang, anu penting asal
sasora. Kitu deui jumlah padalisanana dina sapadana. Katembong dina sawatara
kakawihan di handap.
HOMPIMPAH
Hompimpah
alaikum gambreng,
Ma Ijah make
baju rombeng.
PEREPET
JENGKOL
Perepet
jengkol jajahean,
Kadempet…jejeritan.
TOKECANG
Tokecang
tokecang,
Balagendir
tosblong.
Angeun
kacang angeun kacang,
Sapendil
kosong.
TAT
TIT TUT
Tat tit tut
daun kaliki,
saha nu
hitut budak lalaki.
Tat tit tut
daun kanyere,
saha nu
hitut budak awewe.
CINGKOROKOK
Cingkorokok
bedegol cau,
Ucingna
nokok boolna bau.
TAMPOLONG BAHE
Tampolong
bahe,
belut
ditalian.
Tong ngomong
bae,
gelut
sakalian.
2)
Kakawihan
Laraswekas
Kakawihan laraswekas nyaeta kakawihannu murwakanti
engang tungtung, boh dina kecap-kecap dina saungkara boh dina kecap-kecap
antarpadalisan. Contona:
OLE-OLE
OGONG
Ole-ole
ogong
melak cabe
di Tarogong
dihakan ku
embe ompong
diteang kari
sapotong
KALONGKING
Kalongking
kalongking
bapa sia
Utah ngising
dibura ku
madu kucing
madu kucing
meunang maling
Kalongking
kalongking
bapa sia
Utah ngising
beak samak
beak samping
teu cageur
waktu sapeuting
HATIKU JANG
WAWAN
Hatiku Jang
Wawan
tumpak mobil
sedan
sedanna
ucutan
di kolong
jembatan
omean
teu boga
duit
ngajual
domba
dombana
leungit
ngajual
mitoha
TRANG-TRANG KOLENTRANG
Trang-trang
kolentrang
si londok
paeh nundutan
mesat gobang
kabuyutan
tikusruk
kana durukan
nyeh prot,
nyeh prot
EUNDEUK-EUNDEUKAN
Eundeuk-eundeukan
lagoni
Meunang
peucang sahiji
Leupas deui
ku nini
Beunang deui
ku aki
UCANG-UCANG ANGGE
Ucang-ucang
angge
Mulung
muncang di papangge
Digogog ku
anjing gede
Anjing gede
nu Mang Lebe
Ari gog, gog
cingungung
3)
Kakawihan
Margaluyu
Kakawihan margaluyu nyaeta kakawihan anu kecap atawa
engang dina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal padalisan, dibalikan
deui dina awal padalisan sapandeurieunana. Contona:
AYANG-AYANG
GUNG
Ayang-ayang
gung
Gung goongna
rame
Menak Ki Mas
Tanu
Nu jadi
wadana
Naha maneh kitu
Tukang
olo-olo
Loba anu
giruk
Ruket jeung
Kumpeni
Niat jadi
pangkat
Katon
kagorengan
Ngantos
Kanjeng Dalem
Lempa-lempi
lempong
Ngadu pipi
jeung nu ompong
Jalan ka
Batawi ngemplong
BANG KALIMA-LIMA GOBANG
Bang
kalmia-lima gobang, bang
Bangkong di
tengah sawah, wah
Wahay tukang
bajigur, gur
Guru sakola
desa, sa
Saban poe
ngajar, jar
Jarum
paranti ngaput, put
Putrid nu
gareulis, lis
Lisung kadua
halu, lu
Luhur kapal
udara, ra
Ragrag di
Jakarta, ta
Taun opat
hiji, ji
Haji rek ka
Mekah, kah
Kahar tujuh
rebu, bu
Buah meunang
ngala, la
Lauk meunang
nyobek, bek
Beker
meunang muter, ter
Terus ka
Citapen, pen
Pena gagang
kalam, lam
Lampu
reujeung dammar, mar
Mari kueh
hoho, ho
Hotel
pamandangan, ngan
Ngantos
Kanjeng Dalem, lem
Lempa-lempi
lempong
Ngadu pipi
jeung nu ompong
BEAS BEUREUM
Beas
beureum, reum
Reumbeuy
kacang, cang
Cang kadele,
le
Letah sapi,
pi
Pindang
lubang, bang
Bangkong
hejo, jo
Joli jopak
joli ong
4)
Kakawihan
Mondoan Kawit
Kakawihan mondoan kawit nyaeta kakawihan anu malikan
(mindo) kecap anu sarua dina awal padalisan. Contona:
PUNTEN MANGGA
Punten…,
mangga
Ari ga,
Gatotgaca
Ari ca, cau
ambon
Ari bon,
bonteng asak
Ari sak,
sakit perut
Ari rut,
rujak asem
Ari sem,
sempal-sempil
Ari pil,
pilem rame
Ari me, maja
makan
Ari kan, kantong
kosong
Ari song,
songsong lampu
Ari pu,
puak-paok
Ari wok, wok
candewok
TIK-TIK TOLEKTAK
Tik-tik
tolektak
Ari tak,
taktak bareuh
Ari reuh,
reuhak cina
Ari na, Nya
Genggong
Ari gong,
gongseng panas
Ari nas,
nasi baso
Ari so,
sorangan bae yeuh…
RORO
MANYORO
Roro manyoro
Manyoro
manjangan ngidul
Anak sia
jadi ratu
Diketukan
dikenongan
Turunan
apung
Karunya ka
anak sia
CACA BURANGE
Caca
burange, burange
Tali gobang
Gobang
pancarange
Anak gajah
berbayung
Jing gojing
lewe-lewe
Jing gojing
lewe-lewe
JUNG JAE
Jung jae
balakatanjung jae
Pucuk menyan
mangsoyi
Godong
malati, riri
Riri
nyandung ka putra
Dalem
Tumenggung Bandung
Bandung
tipung palongpong
Saunda-unda
poho
Poho tadi
lalajo
Teu mawa
simbut, butut
ORAY-ORAYAN
Oray-orayan
Luar-leor
mapay sawah
Entong ka
sawah parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
Luar-leor
mapay leuwi
Entong ka
leuwi
Di leuwi
loba nu mandi
Oray-orayan
Oray naon
Oray bungka
Bungka naon
Bungka laut
Laut naon
Laut dipa
Dipa naon
Di pandeuri,
ri…ri…ri…
Barudak nu rek ulin oray-orayan samemehna silih cekel
taktak heula. Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana, jeung saterusna. Geus
kitu tuluy maju ka kenca ka katuhu, nepi ka katempona ngaleor siga oray.
CING CIRIPIT
Cing ciripit
tulang bajing
kacapit
kacapit ku
bulu pare
bulu pare
seuseukeutna
jol Pa
Dalang
mawa wayang,
jrek-jrek nong….
Cing ciripit teh nyaeta kawih paranti milang samemeh
ucing-ucingan.
PAT LAPAT
Pat lapat,
pat lapat
Pat lapat
katingalna
Masih keneh
tebih pisan
Layarna
bodas nyengcelak
Kasurung
kaombak-ombak
EULEUNG
EUY EULEUNG
Euleung euy
euleung
Barudak
urang ka jami
Embung euy
embung
Sieun badak
nu kamari
Euweuh euy
euweuh
Geus dibedil
ku si Sedet
Detong, det
detong
Si Sedet
kari sapotong
JALEULEU JA
Jaleuleu ja
Tulak tuja
eman gong
Seurueh
leuweung bay
Jambe kolot
bug
Ucing
katinggang songsong
Ngek!
TUTUNJUKAN
Tutunjukan
tetenjekan, Si Teteh anteur ka cai,
Ah, embung,
sieun bugang dina muncang
Kokoplak
saying kadanca,
Si paok
katinggang picung, cungcurung ka Cipicung
Del odel
papatong dosol
Tinyohnyor.
Dikawihkeun bari nunjukan curuk nu diriungkeun.
Biasana dilakukeun bari diuk ngariung.
SASALIMPETAN
Sasalimpetan
Jajahan aing
nu panjang hey! hey!
Sasa nu
panjang
Kawih dipakena bari ulin pacekel-cekel leungeun, tapi
lobaan, ngajajar ka gigir. Nu tungtung kenca muntang kana tihang atawa tangkal.
Bari ngarawih nu tungtung katuhu leumpang ka Beulah kenca dituturkeun ku nu
sejenna, nepi ka ahirna kabeh budak leungeunna marilit.
TONG
TONG PAPATONG
Tong tong
papatong
Dibere cau
sapotong
Ari beak
menta deui
Teup, teup,
teup
Ari eunteup
jang si Ujang.
Dikawihkeun ku barudak
lamun rek ngala papatong.
3.
Tembang
A.
Wangenan
Nurutkeun Haji Hasan Mustapa, istilah tembang sabenerna
lain istilah asli Sunda. Istilah nu aya di Sunda mah nyaéta kawih. Ieu dumasar
kana katerangan dina naskah Sunda Siksakanda ng Karesian taun 1518.
Istilah tembang téh gelar taun 1962, tina ucapan pujangga Sunda nu jenengan
M.A. Salmun. Dina musyawarah Tembang Sunda taun 1962, ngahaja éta istilah téh
ditepikeun pikeun kapentingan para-penyiar Bandung sangkan teu nyieun
ngaran sora Sunda nu sakahayang hatena dina mangsa siaran.
Dina éta musyawarah oge diputuskeun, yén istilah pikeun seni mamaos nyaéta Cianjuran, sedengkeun istilah
pikeun seni sora nu sarupa jeung mamaos nu asalna ti daerah sejen saperti
Sumedang, Cirebon, Garut, Ciawi jeung nu séjénna disebut Tembang Sunda.
Tapi dina kahirupan sapopoé, istilah tembang Sunda téh ngan dipaké pikeun
Cianjuran Wungkul. Ieu hal lantaran Cianjuran leuwih produktif tur leuwih
dipikawanoh ku masyarakat.
Sacara umum aya ciri mandiri dina tembang nyaéta teu miboga
birama/metrum/ketukan anu tangtu. Tatang Suryana nétélakeun yen kaéndahan jeung irama dina tembang gumantung ka nu nembangkeunanana, boh
éksprési, léotan, panjang pondokna. Pon kitu mélodi disusun dina wangun
improvisasi.
R. Satjadibrata ngajéntrékeun yén tembang Sunda teh nyaéta ngalagu
nurutkeun aturan pupuh Dumasar kana éta wangenan bisa dicindekkeun yén ciri
utama tembang nyaéta ngalagu maké rumpaka pupuh. Opat pola pupuh nu sok
digunakeun dina rumpaka tembang, nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula sok disingget KSAD
atawa sering disebut istilah sekar ageung.
Pupuh lianna nu jarang digunakeun dina rumpaka tembang, nyaéta Balakbak,
Juru Demung, Durma, Gambuh, Gurisa, Lambang, Maskumambang, Mijil, Ladrang,
Pangkur, Pucung, Wirangrong, jeung Magatru. Pupuh nu 13 ieu
disebut sekar alit.
• Watek pupuh nu diberendelkeun di luhur nyaéta :
• Asmarandana, watekna silih asih, silih
pikacinta, birahi
• Balakbak, watekna humor, banyol,
pikaseurieun
• Dangdanggula, watekna ngagambarkeun
kaéndahan, suasana nu pikaresepeun
• Durma, watekna ngagmbarkeun rasa
ambek, perang, pabentar
• Gambuh, watekna tambuh laku, samar
polah, bingung teu nyaho nu kudu dipilampah
• Gurisa, watekna ngagambarkeun
pikaseurieun, banyol, humor, lulucon, heuheureuyan
• Juru Demung, watekna ngagambarkeun rasa
kaduhung, hanjakal, ngarasa dosa
• Kinanti, watekna ngagambarkeun
kaayaan prihatin, nalangsa, harepan, nganti-nganti
• Lambang, watekna humor ( saperti
Gurisa/Balakbak)
• Magatru, watekna mangrupa lulucon
pikeun selingan dina suasana sedih
• Maskumambang, watekna ngagambarkeun
suasana sedih, prihatin, cilaka, jempling, kanyeri, sasambat, nalangsa
• Mijil, watekna susah, sedih, (
saperti Maskumambang)
• Pangkur, watekna ngagambarkeun nu aya
diperjalanan, napsu, siap perang
• Pucung, watekna méré atikan, bewara,
kagét
• Sinom, watekna ngagambarkeun
suasana gumbira
• Wirangrong, watekna ngagambarkeun
wiwirang, naas, rugi
B.
Conto
Tembang
Wirangron
Barudak
mangka ngalarti
Ulah
rek kadalon-dalon
Enggon-enggon
nuntut elmu
mangka
getol mangka tigin
Pibekeleun
sarerea
Modal
bakti kanagara
He
barudak mangka ngarti
ulah
reka dalon-dalon
Nuntut
elmu jeung pangarti
Masih
raji soson-soson
Pibeukelen
hirup tandang
Modal
bakti ka nagara
Lemah
cai anu urang
Perlu
dijaga di bela.
BAB III
PANUTUP
1.
Kasimpulan
Saperti
nu geus kacarita tiheula bedana tembang jeung kawih téh, ari tembang mah nu di
tembangkeunana téh guguritan, jadi kauger ku aturan-aturan pupuh. Jeung deui
ari tembang mah dipirig ku kacapi jeung suling, tara dipirig ku parabot anu
séjén. Nu nembangna nya tukang tembang. Eta anu ngabedakeun kawih jeung
tembang.
Ari
kawih, nu dikawihkeunana sair atawa sajak. Pamirigna biasana rebab, kendang,
gamelan, goong jeung sajabana, saperti dina kiliningan. Sawaréhna aya ogé anu
dipirig ku kacapi jeung suling. Lagu-lagu klasik saperti Buah Kawung, Sorban
Palid, Daun Pulus, Banondari jeung séjén-séjénna, éta kaasup kawih. Tukang
ngawihna disebut Juru Kawih atawa Sindén
2. Saran
Anapon
dina tulisan ieu pastina ngagaduhan kakirangan boh tina panulisan atanapi
kacacadan materina, kusabab eta panulis neda dihapunteun kana sagala
kalepatana. Panulis oge ngarepkeun krirtik sareng saran anu bersifat ngabanguna.
DAPTAR PABUKON
Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk, PANGAJARAN SASTRA SUNDA Pikeun SD, SLTP, SMU, jueung Umum, Pustaka
Setia.
Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haerudin,M.Pd,
Drs. Teddt A.N. Muhtadin, Darpan, S.Pd, Ali Sastramidjaja, PEPERINIAN URANG SUNDA, Kiblat.
Drs. Yayat Sudaryat , M. Hum WARUGA BASA PANGAJARAN BASA SUNDA PIKEUN MURID SMA/SMK/MA KELAS XI. 2006.
Bandung : CV. KARYA IPTEK BANDUNG.
http://astriecollection.blogspot.com/2017/03/kawih.htm (diakses dinten senen 27 Februari
2017 tabuh 20.00 WIB)
Langganan:
Postingan (Atom)